B. Daerah

Pertanyaan

pidato ucapan terimakasih dalam bhasa sunda

1 Jawaban

  • Kategori Soal : Bahasa Sunda - Biantara

    Kelas : VIII (2 SMP)

    Pembahasan :


    Dalam bahasa Sunda, pidato dikenal dengan sebutan biantara. Pidato atau biantara adalah berbicara atau mengungkapkan isi hati di depan orang banyak yang disusun dan dipersiapkan dengan baik. Jika dilihat dari suasananya ada dua jenis pidato, yaitu pidato resmi dan pidato tidak resmi.


    Di bawah ini adalah contoh pidato resmi tentang ucapan terima kasih dalam bahasa Sunda :


    Assalamualaikum Wr Wb,


    Bapa sareng ibu guru anu ku simkuring dipikahormat sareng rerencangan sadayana anu ku simkuring dipikacinta. Alhamdulillah urang sadayana dina waktos anu sae ieu tiasa kempel. Simkuring salaku wakil ti kelas genep anu sakedap deui bade ngantunkeun ieu sakola, kapapancenan tugas kanggo nyarios dina ieu acara.


    Simkuring salaku wakil ti rerencangan kelas genep ngahaturkeun rebu-rebu nuhun ka bapa sareng ibu guru sadayana, anu parantos ngaping sareng masihan piwuruk ka simkuring sareng rerencangan sadayana salami genep taun anu tangtosna teu kinten seueur pisan mangpaatna kanggo simkuring sareng rerencangan sadayana.


    Dina waktos anu sae ieu simkuring sareng rerencangan sadayana oge bade nyuhunkeun dihapunten ka bapa sareng ibu guru sadayana, bilih aya kalepatan atanapi tingkah polah simkuring sareng rerencangan sadayana anu kirang sae. Mugi-mugi kasaean bapa sareng ibu guru sadayana tiasa dibalas ku Allah SWT ku kasaean nu langkung ageung deui.


    Rupina dicekapkeun sakitu cariosan ti simkuring salaku wakil kelas genep. Nyuhunkeun dihapunten upami aya cariosan simkuring anu kirang merenah.


    Wassalamualaikum Wr Wb,

Pertanyaan Lainnya