B. Daerah

Pertanyaan

bentuk karya sastra sunda anu susunan kecapna mangrupa sampiran jeung isi disebut

a.puisi
b.carita pondok
c.dongèng
d.sisindiran

1 Jawaban

  • Kategori Soal : Bahasa Sunda - Sisindiran
    Kelas : VIII (2 SMP)
    Pembahasan :

    Bentuk karya sastra Sunda anu susunan kecapna mangrupa sampiran (cangkang) jeung isi (eusi) disebut sisindiran. Sisindiran, umpama dina sastra Indonesia disebutna pantun. Sisindiran mangrupa karya sastra Sunda dina wangun ugeran atawa puisi. Ditilik tina eusina, aya dua rupa puisi Sunda, nyaeta puisi anu eusina mangrupa carita jeung puisi anu eusina henteu mangrupa carita. Sisindiran kaasupna kana puisi anu eusina henteu mangrupa carita. Conto puisi Sunda lianna anu eusina henteu mangrupap carita nyaeta saperti sajak, maantra, jeung guguritan. Sedengkeun conto puisi Sunda anu eusina mangrupa carita nyaeta saperti wawacan jeung carita pantun.

    Sanajan sisindiran teh sarua jeung pantun anu aya dina sastra Indonesia, sisindiran beda jeung carita pantuan anu aya dina sastra Sunda. Saperti disebutkeun di luhur, carita pantun mah eusina mangrupa carita sedengkeun sisindiran eusina henteu mangrupa carita. Aya tilu rupa sisindiran, nyaeta rarakitan, paparikan jeung wawangsalan. Umpama ditilik tina maksud atawa eusina, aya sisindiran anu eusina mangrupa piwuruk, aya sisindiran anu eusina mangrupa silihasih, jeung aya oge sisindiran anu eusina mangrupa sesebred atawa heureuy.

    Dina unggal padalisan sisindiran aya dalapan engang atawa suku kata. Dina sapada paparikan jeung rarakitan aya opat padalisan. Sedengkeun dina sapada wawangsalan aya dua padalisan. Dina paparikan jeung rarakitan, padalisan kahiji jeung padalisan kadua mangrupa cangkang, padalisan katilu jeung padalisan kaopat mangrupa eusi. Sedengkeun dina wawangsalan, padalisan kahiji mangrupa cangkang padalisan kadua mangrupa eusi.

Pertanyaan Lainnya