B. Daerah

Pertanyaan

Kumaha pamanggih panyajak ngeunaan kota bandung teh?

1 Jawaban

  • Kategori Soal : Bahasa Sunda - Sajak
    Kelas : XI (2 SMA)
    Pembahasan :

    Pamanggih atawa amanat dina hiji sajak nyaeta perkara atawa pasualan anu hayang ditepikeun ku panyajak ka anu maca sajak. Amanat nu aya dina sajak Bandung nyaeta yen kaendahan Bandung anu mangrupa lemah cai sorangan teh bisa kabaca jeung kacaritakeun sacara leuwih endah deui umpama ngagunakeun basa urang sorangan nyaeta basa Sunda.

    Sajak nyaeta hiji karya sastra dina wangun ugeran atawa puisi. Sajak mangrupa wangun puisi anu henteu kauger atawa kaiket ku aturan. Sajak henteu siga guguritan atawa wawacan anu kaiket ku aturan, nyaeta aturan pupuh.

    Sanajan sajak henteu kaiket ku aturan, dina sajak aya sawatara unsur anu bisa digunakeun pikeun nilik atawa nganalisa eusi rumpaka sajak, nyaeta unsur tema, nada jeung suasana, rasa, jeung amanat.

Pertanyaan Lainnya