B. Daerah

Pertanyaan

conto paragrapeksposisi dina bahasa sunda

1 Jawaban

  • Cara ngadamel onde-onde
         Onde-onde nyaeta ngaran kadaharan anu rasana amis, dijieun tina tipung ketan dibuleud-buleud. Dijerona di eusian ku enten atawa kacang hejo, tuluy di puih-puih diluhureun siki wijen, nepi ka eta siki wijen teh napel minuhan bagian luarna, sanggeus kitu digoreng.
         Bahan-bahan kanggo ngadamel onde-onde nyaeta 1/2 kg kacang hejo (direndem cai tiis salami 4 jam), 1/2 sdt uyah, 1 kg gula bodas, 1/4 sdt vanilla bubuk.
         Cara ngadamelna nyaeta kulub kacang hejo nganggo api alit dugika empuk, teras tambahkeun gula jeung vanilla essence aduk rata, tambahkeun cai sakedik-sakedik bari di aduk sampe empuk jeung garing, teras angkat.
         Kanggo kulitna nyaeta campurkeun tipung ketan, tipung beas, uyah jeung vanilla bubuk, aduk rata, teras panaskeun cai, tambahkeun cai sakedik-sakedik kana campuran tipung aduk rata sampe adonan nu tiasa dipulung, saterasna nyaeta candak 2 sdm adonan tipung pipihkan ditangan sampe ngadamel cekungan, teras isi ku adonan kacang hejo tutup teras buledkeun deui jadi bola-bola, teras dicelupkeun kana cai tiis, salajengna gulingkeun kana wijen, puter-puter ku dua tangan sampe bentukna buled jeung wijenna napel rata, panaskeun minyak alitan api, goreng onde-onde sampe ngapung jeung kakonengan, teras angkat tiiskeun.


Pertanyaan Lainnya