Naon anu disebut pangalaman sorangan teh?
B. Daerah
aliyya3oz016c
Pertanyaan
Naon anu disebut pangalaman sorangan teh?
1 Jawaban
-
1. Jawaban ilukman
Kategori Soal : Bahasa Sunda - Pangalaman Pribadi
Kelas : VII (1 SMP)
Pembahasan :
Pangalaman sorangan nyaeta kajadian anu kaalaman ku saurang jalma dina kahirupannana anu waktu jeung tempatna jelas. Pangalaman sorangan biasa disebut oge pangalaman pribadi. Pangalaman sorangan teh bisa ditulis, saperti nulis carita pondok atawa carpon.
Dina wangun tulisan, aya dua rupa pangalaman, nyaeta anu disebut pangalaman sorangan atawa pangalaman pribadi jeung catetan poean atawa dina basa Indonesia sok disebut catatan harian. Dina cara nulisna, pangalaman sorangan beda jeung catetan poean.
Pangalaman sorangan ditulisna saperti nulis carpon, nyaeta nulisna dirancanakeun. Nulis pangalaman sorangan mah saperti nulis karya sastra, nyaeta karya sastra dina wangun prosa, saperti dongeng atawa carpon. Sedengkeun catetan poean mah ditulisna teh henteu dirancanakeun, tapi ditulis unggal poe atawa ditulis unggal aya kajadian anu penting anu perlu dicatet.