B. Daerah

Pertanyaan

Naon deuih anu disebut pangalaman sapopoe teh?

1 Jawaban

  • Kategori Soal : Bahasa Sunda - Pangalaman Pribadi
    Kelas : VII (1 SMP)
    Pembahasan :

    Pangalaman sapopoe nyaeta kajadian anu kaalaman atawa dilakukeun ku hiji jalma dina kahirupan sapopoena. Pikeun dijadikeun catetan atawa rujukan anu bisa digunakeun dina poe liana, aya jalma anu sok biasa nyatet pangalaman sapopena dina hiji catetan atawa tulisan. Aya dua rupa tulisan ngeunaan pangalaman anu dicatet, nyaeta anu disebut pangalaman pribadi jeung catetan poean.

    Pangalaman sapopoe anu dicatet atawa ditulis dina catetan poean biasana dicatet unggal poe atawa unggal aya kajadian anu penting anu perlu dicatet. Sedengkeun pangalaman sapopoe anu ditulis dijadikeun tulisan pangalaman pribadi, biasana ditulis dina wangun saperti carita pondok atawa carpon. Dina nulisna, pangalaman pribadi henteu beda saperti nulis carpon, nyaeta kudu dirancanakeun heula, henteu siga catetan poean anu ditulisna unggal poe langsung.

Pertanyaan Lainnya