B. Daerah

Pertanyaan

kecap milangkala Hartina

1 Jawaban

  • Kecap milangkala hartina nyaeta ulang taun atawa tepang taun. Dina basa Sunda aya dua ragam basa nyaeta anu disebut ragam basa hormat / lemes jeung ragam basa loma. Dina ragam basa hormat / lemes aya dua rupa basa lemes, nyaeta basa lemes keur ka sorangan jeung basa lemes keur ka batur. Aturan atawa katangtuan anu ngatur ragam basa dina basa Sunda disebut Tatakrama Basa Sunda.

    Pembahasan

    Dina obrolan sapopoe pikeun ngucapkeun ulang taun biasa digunakeun kecap milangkala, tepang taun atawa ulang taun. Kecap milangkala bisa dilarapkeun boh dina ragam basa hormat boh dina ragam basa loma, tapi seringna mah dilarapkeun dina ragam basa hormat nyaeta "wilujeng milangkala". Sedengkeun kecap ulang taun jeung tepang taun biasana diucapkeun "selamat ulang taun" jeung "wilujeung tepang taun".

    Pikeun ngucapkeun ulang taun, kiwari kecap anu sering digunakeun jeung dianggap merenah atawa sopan nyaeta kecap "wilujeng milangkala". Tapi sanajan kitu masih aya oge anu ngucapkeun "selamat ulang taun" atawa "wilujeng tepang taun". Malahan aya oge anu ngucapkeun "wilujeng milad" anu mangrupa kecap serepan tina basa Arab.

    Pelajari lebih lanjut

    • Tatakrama Basa Sunda brainly.co.id/tugas/11761324
    • Tingkatan bahasa dalam bahasa Sunda brainly.co.id/tugas/6748792
    • Ragam bahasa Sunda brainly.co.id/tugas/320344

    __________

    Detil Jawaban

    Kelas : III

    Mapel : Bahasa Sunda - Hormat Ka Kolot Jeung Ngajen Sasama

    Bab : 8

    Kode : 3.13.8

    Kata Kunci : Milangkala hartina

Pertanyaan Lainnya