B. Daerah

Pertanyaan

naon nu disebut warta?

1 Jawaban

  • Nu disebut warta nyaeta informasi atawa beja ngeunaan hiji kajadian anu bener-bener nyata. Data nu ditepikeun dina hiji warta dumasar kana data anu valid atawa bener. Tempat jeung waktu anu dibejakeun jelas, basa anu digunakeun ngagunakeun basa anu kaharti, sarta eusi anu aya dina warta sipatna objektif. Kukituna, pikeun mastikeun yen hiji warta teh eusina geus cukup lengkep, aya hiji padika dina nyieun warta nyaeta anu disebut 5W+1H.  

    Pembahasan

    Anu dimaksud 5W+1H nyaeta yen hiji warta eusina bisa dianggap cukup lengkep lamun eta warta miboga unsur unsur 5W+1H nyaeta what (naon), who (saha), when (iraha), where (di mana), why (kunaon) jeung how (kumaha). Padika 5W+1H teh mangrupa padika dina nyieun warta anu biasa digunakeun pu para wartawan atawa jurnalis.  

    Kalimah nu aya dina warta nyaeta kalimah wawaran. Ditilik tina fungsina, aya tilu rupa fungsi kalimah nyaeta kalimah pananya, kalimah wawaran jeung kalimah parentah. Henteu siga kalimah pananya, kalimah wawaran henteu merlukeun jawaban atawa tindakan langsung ti anu narima kalimah

    Pelajari lebih lanjut

    • Naon nu disebut warta https://brainly.co.id/tugas/4565352
    • Ciri-ciri warta https://brainly.co.id/tugas/1697045
    • Fungsi warta https://brainly.co.id/tugas/15935731

    __________

    Detil Jawaban

    Kelas : VIII

    Mapel : Bahasa Sunda - Warta

    Bab : 2

    Kode : 8.13.2

    Kata Kunci : Nu disebut warta nyaeta

Pertanyaan Lainnya