naon nu jadi garapan pangajaran basa dina rumpaka kawih?
Pertanyaan
1 Jawaban
-
1. Jawaban ilukman
Nu jadi garapan pangajaran basa dina rumpaka kawih nyaeta unsur sastra nu aya dina rumpaka kawih. Rumpaka kawih nyaeta karya sastra dina wangun ugeran atawa puisi. Sanajan kawih teh mangrupa salahsahiji rupa lagu Sunda, ditilik tina rumpakana kawih oge mangrupa karya sastra dina wangun puisi. Kusabab rumpaka kawih mangrupa karya sastra dina wangun puisi, rumpaka kawih teh kaasup kana garapan pangajaran basa, nyaeta basa Sunda.
Pembahasan
Kawih nyaeta salahsahiji rupa lagu Sunda. Aya sawatara rupa lagu Sunda, nyaeta saperti kawih, kakawihan jeung tembang. Umpama ditilik tina rumpakana, kawih, kakawihan jeung tembang oge mangrupa karya sastra dina wangun ugeran atawa puisi. Rumpaka kawih jeung kakawihan nyaeta wangun puisi anu henteu pati kaiket ku aturan. Sedengkeun rumpaka tembang nyaeta wangun puisi anu kaiket ku aturan, nyaeta aturan pupuh, aturan anu aya dina pupuh disebutna guru lagu jeung guru wilangan.
Sanajan kawih teu kaiket ku guru lagu jeung guru wilangan saperti nu aya dina pupuh. Dina nyieun rumpaka kawih, salaku karya sastra wangun puisi, aya sababaraha unsur anu kudu diperhatikeun sangkan kawih anu dijieun alus tur endah. Unsur-unsur anu kudu diperhatikeun dina waktu nyieun kawih nyaeta saperti unsur-unsur tema, suasana, imaji, simbol, pilihan kecap anu merenah tur endah saperti anu ngandung wirahma, murwakanti jeung gaya basa.
Pelajari lebih lanjut
- Conto kawih https://brainly.co.id/tugas/433806
- Bedana kawih jeung pupuh https://brainly.co.id/tugas/330707
- Kawih, kakawihan jeung tembang https://brainly.co.id/tugas/6730910
__________
Detil Jawaban
Kelas : VIII
Mapel : Bahasa Sunda - Kawih
Bab : 1
Kode : 8.13.1
Kata Kunci : Garapan pangajaran basa dina rumpaka kawih