B. Daerah

Pertanyaan

kecap suku gunung Sarua Hartina jeung

1 Jawaban

  • Kecap suku gunung sarua hartina jeung tutugan. Dina basa Sunda aya sawatara istilah geografi atawa ngaran patempatan. Salah sahiji ngaran patempatan atawa istilah geografi anu aya dina basa Sunda nyaeta tutugan. Aau dimaksud tutugan teh nyaeta suku gunung, atawa bagean gunung anu beulah handap. Aya oge nu disebut lamping. Lamping nyaeta bagian gunung antara puncak jeung tutuganana, nyaeta bagian gunung luhureun tutugan atawa sukuna.

    Pembahasan

    Salian ti tutugan jeung lamping, di handap ieu nyaeta  sawatara istilah geografi atawa ngaran patempatan lianna nu aya dina basa Sunda:  

    1. Basisir nyaeta sisi tanah nu adek ka laut.
    2. Dayeuh nyaeta kota, atawa ibukota nagara, propinsi atawa kabupaten.
    3. Empang nyaeta balong atawa kulah anu gede atawa lega.
    4. Galengan nyaeta tambakan leutik, anu ngagaleng manjang, ngawangun kotakan sawah.
    5. Hilir nyaeta tempat anu dituju ku cai ngocor lantaran leuwih handap. Hilir nyaeta sabalikna tina girang.
    6. Lebak nyaeta tempat anu leuwih handap ti batan tempat urang cicing. Lebak nyaeta sabalikna tina tonggoh.

    Pelajari lebih lanjut

    • Istilah geografi dina basa Sunda https://brainly.co.id/tugas/10665985
    • Sawatara ngaran patempatan brainly.co.id/tugas/1522806
    • Ngaran patempatan lianna brainly.co.id/tugas/12789312

    __________

    Detil Jawaban

    Kelas : I

    Mapel : Bahasa Sunda - Lingkungan Sabuderan

    Bab : 6

    Kode : 1.13.6

    Kata Kunci : Suku gunung sarua hartina

Pertanyaan Lainnya