Salah sahiji wangun ibing sunda nu asalna ti jawa barat nyaeta?
Pertanyaan
1 Jawaban
-
1. Jawaban ilukman
Salah sahiji wangun ibing Sunda nu asalna ti Jawa Barat nyaeta jaipongan. Sabenerna ibing Sunda jaipongan teh kakara aya sakitar taun 1980-an. Dina awal taun 1980-an teh masarakat Sunda, Indonesia malahan nepi ka mancanagara geunjleung ku ayana ibing Sunda jaipong eta. Anu jadi sabab geunjleung teh kusabab ibing Sunda jaipongan mah miboga gerakan anu dinamis, sumanget jeung kadang lucu, beda ti ibing ibing tradisional lianna.
Pembahasan
Samemeh masarakat Sunda mikawanoh ibing jaipongan, ibing Sunda anu dipikawanoh teh nyaeta Ketuk Tilu. Ibing Sunda jaipongan teh miiti diwanohkeun ku seniman Sunda nyaeta Gugum Gumbira Tirasonjaya. Karesep Gugum Gumbira ti leuleutik teh nyaeta pencak silat, kusabab kitu gerakan gerakan nu aya dina ibing jaipongan loba anu kapangaruhan tina gerakan pencak silat, sanajan sabenerna ibing Sunda jaipongan teh dumasar kana ibing Ketuk Tilu.
Pelajari lebih lanjut
- Naon nu dimaksud kasenian tradisional https://brainly.co.id/tugas/5004796
- Kasenian di daerah Sumedang https://brainly.co.id/tugas/2833070
- Naon sababna kasenian Sunda lus les leungit https://brainly.co.id/tugas/14698771
__________
Detil Jawaban
Kelas : I
Mapel : Bahasa Sunda - Pangaresep
Bab : 2
Kode : 1.13.2
Kata Kunci : Ibing Sunda nu asalna ti Jawa Barat