B. Daerah

Pertanyaan

1. Anu henteu kaasaup sisindiran nyaeta
A. Paparikan
B. Rarakitan
C. Pupujian
D. Wawangsalan

2. Dina kecap sindir ngandung harti
A. Malibir
B. Brukbrak
C. Togmol
D. Kemba

3. Nilik kana wangunna paparikan teh teu beda jeung
A. Rarakitan
B. Pupujian
C. Wawangsalan
D. Papantunan

4. Wawangsalan mah sapadana diwangun ku
A. Opat padalisan
B. Tilu padalisan
C. Dua padalisan
D. Sapadalisan

5. Abdi mah kapiring leutik.
Anu dimaksud piring leutik di dinya nya eta
A. Mangkok
B. Pisin
C. Tatakan
D. Piring seng

6. Kendang gede pakauman,
Dag dig dug rasaning ati.
Rumpaka di luhur teh mangrupa
A. Paparikan
B. Pupujian
C. Rarakitan
D. Wawangsalan

1 Jawaban

  • Contoh Soal Tentang Sisindiran

    Jawaban

    Pendahuluan

    Sisindiran nyaeta karya sastra Sunda dina wangun ugeran atawa puisi. Aya tilu rupa sisindiran, nyaeta paparikan, rarakitan jeung wawangsalan. Dina sapada paparikan jeung rarakitan aya opat padalisan. Sedengkeun dina sapada wawangsalan aya dua padalisan.  

    Pembahasan

    Di hadndap ieu nyaeta jawaban pikeun pananya di luhur :

    1. Anu henteu kaasup sisindiran nyaeta (C.) Pupujian

    2. Dina kecap sindir ngandung harti (A.) Malibir. Malibir hartina henteu terus terang supaya henteu nganyerikan hate ka batur.

    3. Nilik kana wangunna paparikan teh teu beda jeung (A.) Rarakitan. Dina sapada paparikan jeung rarakitan aya opat padalisan.

    4. Wawangsalan mah sapadana diwangun ku (C.) Dua padalisan.

    5. Abdi mah kapiring leutik.

    Anu dimaksud piring leutik di dinya nya eta (B.) Pisin.

    6. Kendang gede pakauman,

    Dag dig dug rasaning ati.

    Rumpaka di luhur teh mangrupa (D.) Wawangsalan.

    Kesimpulan

    Umpama dina sastra Indonesia mah sisindiran teh teu pati beda jeung pantun. Dina sastra Sunda oge aya anu disebut carita pantun. Tapi dina sastra Sunda carita pantun jauh beda jeung sisindiran. Carita pantun nyaeta wangun puisi anu eusina mangrupa carita. Sedengkeun ari sisindiran nyaeta wangun puisi anu eusina henteu mangrupa carita.  

    Pelajari lebih lanjut

    1. Contoh rarakitan, paparikan dan wawangsalan https://brainly.co.id/tugas/1722548

    2. Contoh pantun pantun sisindiran https://brainly.co.id/tugas/7012269

    3. Apa yang dimaksud dengan sisindiran (dalam bahasa Sunda) https://brainly.co.id/tugas/7012269

    -----

    Detil Jawaban

    Kelas : VIII (2 SMP)

    Mapel : Bahasa Sunda - Sisindiran

    Bab : 4 Kode : 8.13.4

    Kata Kunci : Sisindiran, paparikan, rarakitan, wawangsalan


Pertanyaan Lainnya